Friday, April 11, 2008

Pepeling

Anargya, anakku .... Pek hirup sapageuh di dunya, lir ibarat rek hirup saumur dunya ...
Anargya, anakku ....
Pek ibadah sa pageuhna, lir ibarat rek hirup sa isukan ...

Mun ieu aya pepeling ti ayah ...
Sing percaya ka kawasa Gusti Alloh, nu masihan sagala kahirupan ka hideup
Sing emut, rek susah atawa senang, omat sholatna ...

Anargya, anakku ...
Geura gede - geura lumpat
Sing jauh ti maksiat, ngarah salamat di akhirat

Sakali deui, ieu pepeling ti ayah ...
Ngarah hidep hirup salamat jeung eling salawasna,
Sagala nu dialaman ku hidep, tungtung namah bongan sorangan ...
Mun beunghar, kade ulah poho zakat ...


Bandung - April 2008

No comments: