
(dipaparkeun dina acara akikahan Anargya Aidan Mulya, 31 Maret 2008)
Numutkeun cariosan dunungan, tahun salapan puluhan, karuhun kuring matuh di daerah Cipatat. Harita keur ngalong jeung babaturan di hiji warung sisi jalan raya Bandung - Cianjur. Teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug aya mobil eureun hareupeun warung. Ningal tina plat mobilna, pasti urang dayeuh nu keur pelesiran. Karuhun kuring, meureun pernah aki mun jalma mah, ditukeuran ku duit kertas kunu mawa mobil. Nu boga warung kacirina bungaheun pisan, aki kuring ditukeuran ku duit kertas. Nya aki kuring diasupkeun kana mobil, duka dibawa ka mana, teu apal. Maklum urang kampung tea, tara kamana-mana. Sakali iinditan tong ngareupkeun bisa balik deui ka lembur.
Sanggeus rada lila tumpak mobil, akhirna nepi ka hiji imah. Ka tukangnakeun majar eta imah teh aya di lembur Pondok Gede, persisna di perumahan Paranti Sejahtera. Aki kuring diperenahkan cicing dina luhureun lomari pakean dunungan, di kamar dunungan. Di kamar aya dipan tempat dunungan istirahat, aya lomari pendek, dikacaan, paragi dangdan, aya potret-potret dunungan, potret keur pangantenan, potret bojo keur gadis. Kulantaran tempatna dina luhureun lomari, jadi sing saha wae ni aya didinya bisa nyaksian sagala kajadian nu aya di kamer dunungan. Boh anu pikagumbiraeun atawa anu pikasediheun.
Dunungan geten pisan maraban. Sanajan tara unggal poe, tapi ari keur aya parab mah tara dikama-manakeun. Ngilitrik wae, aya lima ratusan, sarebuan. Lolobana lima ratusan. Boh anu bahanna aluminium atawa perunggu. Saratusan mah ampir teu aya. Eta majar leutik teuing, jadi engkena loba cacahna tapi hargana kurang. Sebenarna mah, dunungan bisa sakali ngeusian loba. Tinggal nukeurkeun keretas kana logam di took duit. Tapi da lain kitu tujuananan miara sabangsa kuring. Estuning ngumpulkeun barang anu teu manfaat atawa anu anu teu bisa ditukeurkeun kana barang mahal. Istilahna pasesaan. Coba wae lamun ditukeurkeun paling-paling ngan saukur meunang peremen hiji atawa dua. Tapi lamun dikumpulkeun, tangtu gede pisan manfaatna keur dunungan. Engke mun geus pinuh atawa sanajan acan pinuh oge, tapi aya kajadian anu dianggap penting dina kahirupan dunungan, eusi beuteung bangsa kuring bakal dibedah, dikaluarkeun. Eusinya ditukeurkeun kana naon wae anu diperlukan waktu harita.
Lamun dunungan rek marabanan, biasa sok langsung diasupkeun, didongkang ti handap. Tampolana awak sok diangkat, terus ditanggeuy, kakara parab diasupkeun. Aya sasiki aya dua siki, kumaha ayana. Dina hiji waktu, awak aki kuring diangkat, sugan the arek diparaban, ari ieu kalah ka dibantingkeunkana keramik. Gupraak, pryaaar. Kaget, nyaho-nyaho eusi beuteung geus patulayah dina lantai keramik. Awak ancur, teu kapuluk. Dunungan ngan saukur ngusap dada. Eusi beuteung aki kuring dikumpulkeun, diitung, paling-paling aya dua ratusan ribu. Tuluy diasupkeun kana amplop kertas, diteundeun dina tumpukan baju dunungan. Awak aki kuring anu patulayah, dikumpulkeun terus dipiceun kana wadah runtah. Tamat riwayat generasi munggaran.
Waruga kuring mangrupa wujud hayam jago keur cindeten. Ari aki kuring mangrupa wajud lauk emas warna beureumna ampir sarua jeung warna beureum lauk beneran. Teu kungsi lila dunungan mawa uucingan nu keur ajeg diuk. Majar cenah waktu ngaliwat deukeut Komplek Kodam Jatiwarna, teu jauh ti Paranti, aya anu majang sabangsa kuring. Eusi beuteung anu tadina aya dina beuteung aki, dipindahkeun tina amplop kana uucingan. Kahirupan turunan kadua ngamimitian. Keur ngagampangkeun urang sebut wae bapa kuring. Tempatna teu robah. Atuh cara marabanana oge tetep teu robah, sakumaha kabiasaan jaman aki kuring.
Dina hiji waktu dunungan ngangkat bapa kuring. Memang kitu kabiasaanna mun rek diasupan sok diangkat, sabab bapa kuring mah rada jangkung, jadi rada hese didongkangna ti handap. Eta mah duka pedah eusina geus rada loba atawa memang sambungan pangdiukanana kurang kuat, pangdiukan ujug-ujug beulah. Atuh eusina ragrag kabeh. Jigana pabrik anu nyieun bapa kuring kurang tarapti. Kuduna geus dibalitungkeun antara daya tahan alas jeung bobot eusina. Ulah nepika can piun geus teu kuat nahan. Pikeun kadua kalian. Eusi beuteung aki kuring ditambah anu anyar dikumpulkeun, diteundeun dina amplop kertas. Harita mah teu kungsi diitung eusina. Riwayat bapa kuring tamat nepi ka dieu.
No comments:
Post a Comment