Monday, March 31, 2008

Mun Cengcelengan Bisa Carita [2]

Sanajan kuring geus panjang nyaritakeun aki, bapak kuring, tapi kuring acan nyaritakeun diri kuring. Samemeh kuring dipiara ku dunungan, kuring cicing di warung di daerah Plered, di sisi jalan raya Purwakarta Bandung. Harita dunungan mun teu salah tos ti Bandung. Di jalan nyimpang heula rek meuli peuyeum gantung keur bekel ari indit ka kantor. Kabiasaan dunungan di kantorna tara tuang siang, teu saperti batur. Waktu istirahat kalaluar marakan siang. Dunungan mah tetep wae di tempat kerjana. Makan siangna ngan saukur bekel anu dibawa ti imah. Aya seupan cau, goreng tempe/tahu, gedang, cau ti kebon atawa peuyeum. Kitu wae unggal poe. Tah kuring oge diboyong ti Plered ka Pondok Gede, ku alatan dunungan meuli peyeum gantung.Pagawean naon wae oge ari dikeureuyeuh mah akhirna anggeus oge. Kitu deui beuteung kuring lila-lila mah pinuh, metet, teu bisa diasupan, sanajan dijejel-jejel oge. Sanajan kitu dunungan can aya niat ngabudalkeun eusi beuteung kuring. Padahal lamun diitung-itung sajuta wae mah aya. Eta teh lain saeutik, gede pisan ceuk kuring mah. Tapi sabab can aya waktu nu “hade” dunungan can wani ngaluarkeun eusi kuring. Kakara ayeuna dunungan miara sabangsa kuring nepi ka metet, teu muat deui. Baheula mah jaman ke ngora, teu sabar hayang buru-buru ngaluarkeun wae belaan dicokelan. Tampolana lain dicokel tapi liangna digedean. Sanggeus uesina kaluar, liangna ditambal ku keretas, jadi leutik deui.
Kusabab kuring geus teu bisa dieusian deui, dunungan mawa batur hiji deui. Ieu mah mangrupa entog. Jadi wae dina luhureun lomari aya nu nalingakeun kamar dunungan, kuring jeung nu anyar tea.

Aya beja Siti nyaeta bojo budak dunungan nu wastana Adam Mulya, keur kakandungan. Nurutkeun iitungan ti dokter pingalahirkeunana akhir Maret, bulan ieu. Bener wae dina poe ahad tanggal 23 Maret 2008, jam 22.40, lahir bayi laki-laki, diwastaan Anargya Aidan Mulya. Nenehna Argi. Alhamdulillah lancar. Sabenerna dina poe ahad dunungan kungsi ngalongok Siti di Rumah Bersalin Harapan Bunda, di Margahayu Raya. Kulantaran pingalahirkeunana masih lila, nya teu nungguan nepi ka ngalahirkeun. Beja tos ngalahirkeun katampa Ahad peuting, ditelepon ku Adam.
Waktu nu mustari keur ngaluarkeun eusi beuteung kuring geus datang. Kuring oge ikhlas hasil kegetenan dunungan salila kurang leuwih 10 tahun rek dibudalkeun, rek ditukeurkeun jeung domba akekah incu dunungan, kitu cek dunungan. Kuring mah cukup saukur ngadu’akeun mugi-mugi Argi janten budak nu sholeh, rik-rik, resep miara sabangsa kuring. Pan anu leutik oge ari dikeureuyeuh dikumpulkeun mah tungtungna jadi gede. Kitu deui geten maraban sabangsa kuring, sanajan ku duit leutik, nya ari geus pinuh mah jadi loba. Duit-duit recehan tina pamulangan sok asupkeun, kumpulkeun, lila-lila mah aya hargaan.

No comments: